Bingah kabina-bina mendakan urang Cisewu seueur di dunia maya...
Pangemutan sim kuring langkung sae saupamina para pamuda urang Cisewu tiasa ngahiji sarta ngadamel komunitas...
Ayana kasamian latar belakang kadaerahan, diharepkeun ngagaduhan persepsi anu sami dina ngawangun kampung urang sadayana...
Sim kuring hoyong terang ti para pamuda Cisewu sadayana saperkawis ide di luhur...
Sapangemut abi seueur manfaatna upami para Pamuda ti Cisewu sadayana tiasa ngahiji, urang tiasa patuker informasi sareng anu sanesna....
Sok kaemut kana paribasa...Bersatu kita teguh bercerai kita kawin lagi..:D
Eh salah ya...Bersatu kita teguh bercerai kita bubaran saja...;))
Ngaco ya...Bersatu kita teguh bercerai kita iket lagi :-P
Tambah parah...Bersatu kita teguh bercerai kita Runtuh :)
Para tamu sadayana diantos Polling na sareng comment na nya....
Hatur Nuhun
Urang Cisewu
Senin, 26 Januari 2009
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar